Laman

Jumat, 02 November 2012

Sajak Sunda : Kiwari jeung Baheula


Baheula dunya can salega kiwari
Imah ngan saukur tembok dinding nu lapuk
Kenteng bocor sawates suhunan
Kaditu-kadieu riweuh lamun keur hujan

Komo deui tempat diajar
Tong boro komputer anu geus maju
Atawa buku paket anu kacida hese kabeuli
Patlot keur nulis wae kudu nginjeum
Barijeung ngabobodo kanu jadi babaturan sakola

Palebah dahar keur sababaraha poe
Ulah kecap kana nu ngaran daging
Manggih tempe puruluk uyah wae geus asa bungah
Kacida ngeunah barijeung merenah
Teu kudu cukup kana nu disebut nutrisi
Beuteung wareg wae geus kaasup rejeki ngaranna

Dina kapareng waktu sakola
Mangsa batur make sapatu herang
Baju beresih, atawa anu biru kacampur bulao
Sok era rarasaan lamun jeung urang nu kucel bodas kapoe
Tapi sakitu oge geus uyuhan bisa keneh milu sakola jeung nu lian

Baheula jaman baheula
Bareto minangka kasusah jadi balad kabungah
Ngamerenahkeun maneh barijeung kereteg hate teu kacumponan
Ngan bisa ngimpi babarengan barijeung wadul teu digawean

Kiwari jaman kiwari
Ayeuna dina kaayaan anu jauh bedana
Tibatan tiheula minangka susah
Anu ku urang salarea pajuangkeun babarengan

Tempat diuk anu geus reyot, kaganti ku korsi empuk meunang galeuhan kesang
suhunan bocor kabeuli ku satumpuk hasil nu geus diteang

Kiwari saukur kiwari
Saanggeus kabeh nu dipikahayang kacumponan
Anu dipikabungah kalengkahan
Atawa nu diimpi-impi sagala kabeuli
Urang teu siga baheula deui
Baheula mangsa susah tapi merenah
Baheula mangsa sulit tapi pada barungah

Naon guna hirup sagala aya ari poho kanu jadi babaturan
Hirup nyorangan batan teu boga batur
Poho kanu ngaran perjuangan nu baheula kapareng tara nyorangan
Susah senang bareng ngahiji

Baheula jaman baheula
Lain kiwari anu kapalang palid ku cai
Eleh ngalawan dunya anu caang nutupan ati
Geus kapalang leungit katutup senang
Meureun geus musnah kateleg Gengsi

Kiwari jaman kiwari
Ayeuna waktu hirup kapalang dijalanan
Lain urang geus teu paduli
Lain oge ngewa kana watek anu jadi balad sahirup sapati
Lamun hayang hirup pada nyorangan
Ridho ikhlas ku urang tarima kana kalapanganna
Moal jadi papait kana sagala kajalananna

Kiwari jaman kiwari
Kersaning baheula anu jadi baheula
Moal urang poho kana sagala Kabungahna
Oge pait anu urang bareng kaleungitanna
Salilana bakal jadi bumbu hirup keur kahareupna


:IBL39
ANV10th


Tidak ada komentar:

Posting Komentar